Carita Homor Sunda

Kabayan Ngala Nangka

 

Si kabayan dititah ngala nangka ku mitoha. “Nu kolot ngala nangka the kabayan”, cek mitohana.! Kencling si kabayan indit ka kebon, nyoren bedog rek ngala nangka. Barang tepi di kebon, si kabayan alak-ilik kana tangkal nangka. Manggihan hiji nu geus kolot tur gede pisan,, Tuluy wae nangka teh ku si kabayan dipalidkeun ka walungan.

“ Jung wae balik ti heula, da geus kolot ieu”,, cek si kabayan nyarita ka nangka”,,,

Barang nepi ka imah, si kabayan ditnya ku mitohana..

“ Kabayan meunang teu ngala nangka teh??????

“ komo wae menang mah, nya gede, nya kolot,”.. tembal si kabayan.

“Mana atu nangkana???? Tanya mitohana..

 

“ Har naha can datang kitu??? Apan tadi nangka teh dipalidkeun sina balik ti heula,, cek si kabayan””

“ Ari maneh bodo-bodo teuing, moal eunya nangka bisa balik sorangan“ mitoha si kabayan keuheuleun pisan…

“ Wah nu bodo mah nangkana, kolot-kolot teu nyaho jalan balik” cek si kabayan bari ngaleos”

Beri tanggapan

Your response: